Rp82.000
Judul : Mikawanoh Seni Wayang Golek Priangan
Penulis: Riyan Triana
ISBN : Dalam Antrian
Tahun Terbit: 2025
Cetakan: Pertama
Isi: HVS 164 halaman
Cover: Softcover
Penerbit: CV. Rumah Literasi Publishing
Sinopsis Buku:
Karya seni kacida gedé pangaruhna saupama ditilik dina hirup kumbuhna di masarakat, boh dina widang ékonomi, sosial, agama boh dina widang pulitik. Karya séni saéstuna jadi idéntitas hiji masarakat, beuki kentel idéntitas senina beuki kuat jati diri masarakatna. Conto nyata wujud kasenian anu masih dipikaresep di masarakat téh nyaéta seni wayang.
Seni wayang ngawengku sakabéh aspék seni, di antarana seni musik, seni tari, seni rupa, jeung seni drama. Pagelaran seni wayang dianggap kasenian adi luhung. Nurutkeun Soepandi (1978, kc. 1) harti wayang diwangun ku dua kecap nyaéta wa= wadah, jeung Hyang= ruh, jadi wayang téh mangrupa tempat tumetepna ruh. Di sagédéngeun ti éta, harti wayang leuwih dipikawanoh ku masarakat téh nyaéta asal kecap tina ‘bayang-bayang’ anu hartina ‘kalangkang’, maksudna mah dina pagelaran wayang téh mangrupa gambaran hirup manusa anu gelar di marcapada (alam dunya), tur dieuyeuban ku simbul, silib, sindir, siloka, jeung sasmita. Istilah-istilah anu aya patalina jeung silib, sindir, simbul, siloka jeung sasmita téh disebutna pancacuriga. Tiap tokoh wayang ngabogaan pancacurigana séwang-séwang, tapi bisa jadi hiji tokoh miboga pancacuriga anu béda, gumantung jangreu (genre) wayangna, saperti tokoh buta dina wayang kulit. Leungeun anu dina wayang kulit bisa diulinkeun ku dalang (tuding) ngan sabeulah, hartina wayang buta miboga sipat hawek embung ngabagi kanu lian. Ieu hal teu berlaku dina wayang golék, sabab wangun wayang buta téh sakabéh tudingna bisa diusikkeun ku dalang, gumantung jangreu wayangna.
Stok 98